Sony Xperia Z5 Dual - Nampa telepon

background image

Nampa telepon

Upami Anjeun nampa telepon asup basa alat dina modeu sare atawa layar keur kakonci,

aplikasi telepon muka dina pormat layar pinuh. Upami Anjeun nampa telepon asup basa

layar keur aktip, telepon asup dipintonkeun jadi bewara awal, nyaeta, dina jandela nu

leutik nu ngambang di luhur layar nu keur muka. Basa bewara ieu datang, Anjeun tiasa

milih pikeun ngajawab telepon sareng muka layar aplikasi telepon, atawa Anjeun tiasa

nolak telepon tur tetep di layar nu ayeuna.

Jang ngangkat telepon asup lamun layar teu aktip

Sered ka katuhu.

Pikeun ngajawab telepon asup basa layar keur aktip

Dina bewara awal nu nembongan di luhur layar, ketok

JAWAB.

Salain ngajawab telepon, Anjeun tiasa muka layar aplikasi telepon utama ku cara ngetok

bagean luhur di jandela bewara awal. Mun make metode ieu, Anjeun bisa meunangkeun

leuwih seueur pilihan pikeun ngatur telepon. Contona, Anjeun tiasa mutuskeun piken nolak

telepon ku talatah atawa neraskeun telepon ka mesin jawab.

Jang nampik telepon asup lamun layar teu aktip

Sered ka kenca.

Cara nampik telepon asup basa layar keur aktip

Upami telepon asup, dina bewara awal nu nembongan di luhur layar, ketok

TAMPIK.

Salain ngajawab telepon, Anjeun tiasa muka layar aplikasi telepon utama ku cara ngetok di

jandela bewara bagean luhur. Make cara ieu Anjeun bisa meunangkeun leuwih seueur pilihan

pikeun ngatur telepon. Contona, anjeun bisa milih jang nampik telepon maké talatah atawa

neraskeun telepon kana mesin pangjawab.

Sahiji sauran anu asup

Sawaktos anjeun nampa telepon, pencet kenop polumeu.

78

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Nanggo mesin pangjawab

Anjeun bisa nganggo aplikasi mesin pangjawab di alat Anjeun jang ngajawab telepon pas

Anjeun sibuk atawa telepon lasut. Anjeun bisa ngaktipkeun pungsi pangjawab otomatis

jeung nangtukeun sabaraha detik jang nungguan saacan telepon dijawab otomatis.

Anjeun bisa oge mindahkeun telepon sacara manual ka mesin pangjawab lamun Anjeun

sibuk teuing jang ngajawabna. Jeung Anjeun bisa ngakses talatah nu aya na mesin

pangjawab langsung tina alat Anjeun.

Saacan nanggo mesin pangjawab, Anjeun kudu ngarekam talatah salam.

Ngarekam talatah salam jang mesin pangjawab

1

Tina Layar Utama, ketok .

2

Teangan terus ketok

Setelan > Telepon.

3

Pilih kartu SIM.

4

Ketok

Mesin Nu Ngajawab Xperia™ > Salam.

5

Ketok

Kirim salam anyar terus turutan parentah dina-layar.

Pikeun ngaktipkeun atawa nganonaktipkeun nyieun cadangan otomatis

1

Tina Layar Utama, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan > Telepon.

3

Pilih kartu SIM, terus ketok

Mesin Nu Ngajawab Xperia™.

4

Ketok geseran

Mesin Ngajawab.

Nyetel waktu reureuh jang ngajawab otomatis

1

Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan > Telepon.

3

Pilih kartu SIM, terus ketok

Mesin Nu Ngajawab Xperia™.

4

Ketok

Cokot saenggeus.

5

Saluyukeun waktos ku cara ngagulung ka luhur jeung ka handap.

6

Ketok

Rengse.

Pikeun neruskeun telepon asup ka mesin pangjawab

Upami telepon asup, ketok

PILIHAN JAWABAN, terus pilih Tampik ku Mesin

Ngajawab.

Lamun aya telepon asup, Anjeun bisa oge nungguan nepika waktu reureuh tina waktu prasetel

kaliwatan jadi mesin pangjawab otomatis ngangkat telepon eta.

Ngadangukeun talatah nu aya di mesin pangjawab

1

Tina Layar UtamaAnjeun, ketok .

2

Teangan terus ketok

Setelan > Telepon.

3

Pilih kartu SIM.

4

Ketok

Mesin Nu Ngajawab Xperia™ > Talatah.

5

Pilih talatah sorah nu hoyong didangukeun ku Anjeun.

Anjeun bisa oge langsung ngadangukeun talatah mesin pangjawab ti catetan telepon ku cara

ngetok .

Nampik telepon ku talatah teks

Anjeun bisa nampik telepon ku talatah teks. Sawaktos Anjeun nampik telepon ku talatah

sapertos ieu, talatah eta sacara otomatis dikirim ka panelepon tur disimpen dina

Paguneman talatah jeung kontak eta.
Anjeun bisa milih tina sababaraha hiji talatah nu geus jadi dina alat Anjeun, atawa Anjeun

bisa nyieun talatah anyar. Anjeun oge bisa nyieun talatah nu luyu jeung kahayang Anjeun

ku cara ngedit talatah nu geus jadi.

79

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Cara nampik telepon ku talatah teks upami layar teu aktip

1

Lamun aya telepon asup, ketok

PILIHAN JAWABAN.

2

Pilih talatah siap pake atawa ketok

Tulis talatah anyar.

Cara nampik telepon ku talatah teks upami layar aktip

1

Upami anjeun nampa asup, ketok jandela bewara nu aya nomer telepon atawa

ngaran kontak nu dipinton.

2

Ketok

PILIHAN JAWABAN.

3

Pilih talatah siap pake atawa ketok

Tulis talatah anyar.

Cara nampik telepon kadua ku talatah teks

1

Sawaktos Anjeun ngadenge suara bip eta terus-terusan salami keur nelepon,

ketok

PILIHAN JAWABAN.

2

Pilih talatah siap pake atawa ketok

Tulis talatah anyar.

Cara ngedit talatah teks nu dipake pikeun nampik telepon

1

Tina

Layar mimiti anjeun, ketok .

2

Teang teras ketok

Setelan > Telepon, pilih kartu SIM, terus ketok > Tampik

telepon make talatah.

3

Ketok talatah nu Anjeun hoyong edit, teras jieun perobahan nu diperlukeun.

4

Ketok

OKE.